Kumpulan Pupujian atau Nadoman Bahasa Sunda Lumayan Lengkap
Sariksa.com - Pupujian adalah suatu senandung yang memiliki makna-makna mendalam. Pupujian berasal dari bahasa Sunda, yang bermakna memuji (memuji keagungan Tuhan).
Merdu dan enak di telinga dan di hati ketika mendengarkan orang yang sedang pupujian atau nadoman. Nah, inilah kumpulan Pupujian dalam bahasa Sunda, yakni sebagai Berikut.
HIRUP UKUR NGUMBARA
Bismillahirrahmaanirrahiim
Astagfirulloh Robbal baroya
Astagfirulloh minal khotoya
Robbi zidni ‘ilmannafi’a
Wawakifni ‘amalan soliha
Hirup di dunya ukur ngumbara
Harta jeung anak pitnah nu aya
Kuatkeun iman tingkatkeun takwa
Pasti salamet di akhir masa 2x
Lobakeun pisan mieling mati
Sabab ieu teh datangna pasti
Nyawa dipundut Robbul izzati
Mangkade hirup sing ati-ati 2x
Datangna ajal diri sumerah
Nyawa jeung jasad tuluy papisah
Anak kulawarga karumpul kabeh
Tuluy dibungkus badan ku boeh 2x
Nu nganteur jenajah tilu perkara
Amal jeung harta anak kulawarga
Harta jeung anak baralik deui
Amal mimilu nu jadi saksi 2x
Umur manusa bakal ditanya
Kawit lahirna dugi ka maotna
Waktu ngorana waktu sehatna
Sadaya pisan di pariksana 2x
Taya hartina hirup di dunya
Salami hirup midamel dosa
Poho ka diri pasti cilaka
Nandangan siksa seuneu naraka 2x
GUSTI URANG SADAYANA
Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah
Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan
Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna
Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi
Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur
Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat
Ti Mekkah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis
Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana
Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran
Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan
Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana
YA NABI SALAM ALAIKA
Ya nabi salam alaika
ya rosul salam alaika
ya habib salam alaika
sholawatulloh alaika
bijil bulan cahayana
sumirat kasadayana
tileresan negri mekkah
kalebet negri madinah
hei jungjunan nu di utus
jungjunan anu di antos
sim abdi sadaya nampi
kana pangeursana gusti
bagja nu ninggal paduka
nu mulya ibu ramana
talaga kautsar paduka
cadangan abdi sadaya
nun sim abdi ka gamparan
matur rebu ka bingahan
kumargi gamparan nyandak
kana agama anu hak
nun gusti jungjunan abdi
sayyid muhammad habibi
pamugi salira nampi
kanu hina jisimabdi
abdi umat akhir jaman
anu banget panasaran
hoyong teupang ngahadeusan
seja tumut serah badan
diyaumil akhir pamugi
abdi sing janten ngahiji
sareng ibu rama abdi
ngiring gusti ka sawargi
diyaumil akhir pamugi
abdi sing janten ngahiji
sareng guru guru abdi
ngiring gusti kasawargi
diyaumil akhir pamugi
abdi sing janten ngahiji
sareng dulur dulur abdi
ngiring gusti ka sawargi
sinareng ieu jam’ah
mugi ku gusti ijabah
sareng sing kenging safa’ah
ti jungjunan rosulluloh
sinareng ieu jama’ah
mugi ku gusti ijabah
sareng sing kenging karomah
tisadaya wali alloh
sinareng ieu jama’ah
mugi ku gusti ijabah
masing tiasa ziarah
ka mekkah sareng madinah
ditutup ku salah hormat
supados janteun mangfa’at
kanggo muslimin muslimat
ila yuamil qiyamat
istajib ya alloh dua’ na
istajib ya alloh dua’ na
istajib ya alloh dua’ na
yamujibad da’awati
DO'A NABI ADAM A.S.
Robbana ya robbana
Dolamna anfusana
Wailam tagfirlana
Watarhamna lanakulana minal khosirin
Duh gusti pangeran abdi
Abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahapunteun
Tangtos abdi
Janteun jalmi anu rugi
TOBAT DOSA
Ila hilas tulil firdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh gusti abdi sanes ahli surga
Nanging teu kiat nahan panas seneu naraka
Mugi gusti kersa maparin tobat
Ngahampura dosa-dosa anu tos kaliwat
DI JERO PAKUBURAN
Allahumma shali wassalim 'ala
Sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi'ilmilahi sholatan
Daimatan bida'wami mulkillahi
Dawuh nabi
Ari dina pakuburan
Eta pasti nalangsa sabab sorangan
Sareung deui di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di kubur
ku ngaos Qur'an
ELING-ELING DULUR KABEH
Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat
Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung
KAKUPING SUANTEN ADZAN
Kakuping suanten Adzan
Di masigit ti kateubihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa semah
hayu urang berjama'ah
ELING-ELING UMAT
Eling-eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjama'ah shalat maghrib
estu kawajiban
urang keur di dunya
kanggo pibeukeuleun
Urang di akherat
dua puluh tujuh
ganjaran nu berjama'ah
mun sorangan
hiji ge mun khusu Solatna.
PEPELING
Bismilah abdi ngawitan
macakeun ieu nadoman
mugi janten kasaéan
ulah janten kaawonan
Maksadna ieu nadoman
ngemula kanu lalieun
hapunten ka nu can terang
abdi seja ngawartosan
Éling-éling para istri
masing nyaah kana diri
tutup orat mah sing buni
éta téh paréntah gusti
Katerangan tina qur’an
nutup orat kawajiban
pikeun istri anu islam
pameget gé teu kasingsal
Oratna kapara istri
sadaya badan tutupan
dampal panangan jeung raray
éta mah wios katinggal
Upami nganggo raksukan
kaéna sing serba lébar
teu kengeng ngapas keun badan
éta paréntah pangeran
Ayeuna tos akhir zaman
seueur istri kaleuwihan
nutup badan suka kahayang
nganggo acuk dapon nyangsang
Istri dijaman kiwari
niru-niru ka lalaki
nganggo acuk mani nyéksi
narik birahi lalaki
Teu saalit para santri
kabawa masa kiwari
kana aturan parantos lali
nutup orat henteu buni
Taya hukum nu miwarang
nutup orat sakahayang
nganggo calana paspasan
orat kapéndékan
Lamun pareng nganggo tudung
ngan ukur jadi hiasan
lamun pareng nganggo tudung
pedah rék pangaosan
Sing hawatos kana badan
sing émut kana ancaman
jahanam téh tos ngantosan
mun urang tos di maotan
AHLI SUNNAH
Kangjeng nabi tos nerangkeun
dina hadits tos nerangkeun
umat islam akhir zaman
janten 73 golongan
Ari anu 72
ku alloh jeung ku rosulna
teu di aku teu ditarima
da bongan salah tekadna
Ari anu diakuna
ku Alloh jeung ku Rosulna
hiji agama nu mulya
sunah waljam’ah namina
Ari sunah waljama’ah
cicingna teu saga wayah
najan islam teu ngaku kabéh
islam jama’ah tetep misah
Ciri islam waljama’ah
aqidahna henteu goyah
najan godaan manglimpah
batan nurut kajeun payah
UMAT ISLAM
Umat Islam ahir zaman
seueur anu kasasaran
ucap lampah patékadan
seueur pisan pamusyrikan
Musyrik kufur pamurtadan
tos jadi kabiasaan
teu iyeuh jadi pikiran
matak ruksak kana iman
Syahadat sok di ucapkeun
sholat ogé dilakukeun
majarkeun téh cukup iman jeung ngaku ka islaman
Najan laku teu napakan
kana aturan pangéran
teu gaduh rasa nyalahan
éta téh pangajak setan
Ari ngaku umat islam
ari lampah siga sétan
mabok zinah perjudian
anu jadi pisdamelan
Seueur ulama diancam
pedah ngajak lebet Islam
da kuring mah enggeus iman da cukup islam turunan
Ulama dipika ngéwa nerangkeun aturan hakna
ngajak sholat jeung zakatna
majar bosen ngadengena
Seueur ajengan nerangkeun
kana hukum ti pangeran
seueur anu ngabalieur
bongan jauh jeung kahayang
Seueur ucap pagawéan
teu sesuai jeung aturan
jiga hadé sareng iman
padahal mah kasasaran
Kana sholat ngahir-ngahir
majar pameng pidamelan
nyiar dunya séséépan
sholatna rék di qodoan
Seeur paréntah pangeran
anu kedah dilakonan
kalakah seueur alasan
majarkeun téh karepotan
Éling-eling umat Islam
sing éling kana aturan paréntah Alloh lakonan
paréntah setan singkahan
Mun hirup hoyong salamet
iman urang mah sing kuat
perintah Alloh sing taat
sanajan karaosna berat
Al-qur’an tong dijauhan hadits ulah disisihkeun
ayatna jadi bacaan
maknana geura lenyepan
Hayu dulur urang tobat
meumpeung urang masih sempat
ibadah urang sing ningkat
meungpeung tacan kena maot
NADOMAN BASA SUNDA SHOLAWAT NABI
Allahumma Shalli wa sallim ‘ala
Sayyidinaa wa maulanaa muhammad
‘adadama fi ‘ilmillahi shalatan
Da imatan bidawami mulkillahi
Mugi Allah Kersa Maparinan Rahmat
Sareng salam kanjeng Nabi Muhammad
Ka kulawargi sareng para sahabat
Sareng kanu anut ka Nabi Muhammad
Mugi Allah maparinan kabagjaan
Kanjeng Nabi Muhammad rosul pilihan
Salamina aya dina kasalametan
Aya dina panangtayungan pangeran
Kanjeng Nabi Muhammad nu ngagaduhan
Akhlaq budi keperti nu saé pisan
Sifat Nabi tawado teu kumagungan
Ka papada jalmi salmina sopan
Kanjeng Nabi Muhammad henteu takabur
Sumawona adigung jeung kumaluhur
Teu marasa dirina lebih ti batur
Najan Anjeuna pangkat nabi jeung rosul
Urang sadaya sing tiasa nurutan
Kana Akhlaq Nabi Muhammad Jungjunan
Anu saé basa saé kalakuan
Nabi anu bijaksana tur budiman
Mugi kanjeng Nabi maparin syapaat
Ka urang sadaya di poé kiamat
Mugi urang sadaya di aku umat
Janten golongan umat Nabi Muhammad
BABAWAAN KA JERO KUBUR
Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas karna Allah
Dua gaduh élmu mangpaat sarta dialap mangpaat
Tilu gaduh putra anu soléh ngadoakeun teu weléh-weléh
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
CIRI NU NGABAKTI KA GUSTI
Sorban sanés ciri haji, sanés ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka Gusti
Jilbab sanés ciri santri, sanés ciri bias ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti ka Gusti
Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageung pisan
Saenyana éta malaikat ngabébérkeun dua jangjangna
Maka éta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.
HAYU GEURA SARADIA
Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking
Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan
Lai meuran lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong
Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat
Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Nabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan
Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah
Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur
Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea
Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung
Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas
Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung
Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup
Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan
Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung
Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan
Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak ruper heureut
Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah
Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan
Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur
Oge harta banda kuring
Nu dipuhit buerang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring
Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih
Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat
Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksaan
Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan
Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
HE DZAT ANU KUAT
He Dzat anu lewih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa
He Allah anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa
He Allah anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu kasiksa
Gusti Allah anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi